colocasia.spmabogor.net

Majalah Dinding Maya SPMA Bogor

Browsing Posts in How Sunda Are You?

Bu Guru: “Barudak.. ayeuna urang belajar bahasa sunda. Contona, Bu Guru tuang…. kuring dahar. Ayeuna coba jang Yayan, tuluykeun ku maneh, Bu Guru siram………”
Yayan: “Kuring ngintip……..”

Bu Guru: “Dasar maneh mah… turunan ucing………”

Seperti diposting oleh nono pada Jumat 02 Juli 2010
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=2521

Dina hiji waktu……

Kang Eyang : Kuda saha eta Kang?
Kang Nono : Kuda dewek atuh…, meunang meser ti Arab
Kang Eyang : Naha jauh pisan meserna meni ti arab
Kang Nono : Ahh… deukeut ti Sukasari naek 02 turun di Empang Bogor…nepi ka Arab
Kang Eyang : Meunang teu nyobaan?…katingalina mantap gede jangkung
Kang Nono : Heugh wae…kade ati-ati,…kudana rada antik
Kang Eyang : Kang, Naha kudana cicing wae teu lumpat-lumpat geus dipecutan oge….
Kang Nono : Ulah dipecut! Cukup maca “alhamdulillah” engke oge kudana lumpat….jeung kudu nyaho lamun rek eureun maca istighfar “astagfirullah” engke kudana langsung eureun.
Kang Eyang : Wah…antik bener tuh….
Kang Nono : Apan Kuda Arab jadi ente kudu make bahasa Arab….
Kang Eyang : Siippplah….hiach….”Alhamdulillah”

Brebet kuda teh langsung lumpat….kenceng pisan, teu lila kuda teh geus jauh deui “Astagfirullah” ucap Kang Eyang reuwas aya jurang. Dimacakeun istighfar kuda teh langsung eureun percis di gawir jurang, hampir salangkah deui eta kuda tigebrus ka jurang…
Kang Eyang bungaheun pisan langsung bersyukur, “Alhamdulillah.”
Euleu…….hhhh…puguh weh kuda teh ngadenge kecap Alhamdulillah otomatis lumpat ….Bruu..zzzz ka jurang….

Seperti diposting oleh suganda89 pada Jumat 07 Mei 2010
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=2454

Ngahaturkeun, seratan ki umbara dina Si Lamsijan Kaedanan, lumayan lutju. Si Lamsijan teh Si Kabayan versi Cirebonan.

Assalamau’alaikum.”
“Wa’alaikum salam!” bray panto muka. “Aeh, geuning jang elam, hiap kajero!” tembal pribumi darehdeh pisan.
Astaghfirullah Mama, mangga teh teuing.”
Mama Kyai seuri.
“Cageur jang elam teh?”
Masya Allah, piraku gering Mama!”
Teu lila, jol anak Mama Kyai ti dapur, nanggeuy baki kai dieusi cangkir cikopi ngebul keneh.
Insya Allah, Mama, aya kuhideng eta Si Nyai, ari jol semah, ari sor cikopi. Heheh,” bari nyerengeh.
“Cikopi ge teu aya lalawuhna, Jang. Sok atuh kainya.”
Wallohi Mama, panas keneh,” bari ngepeskeun leungeun.
“Lain, ti saha Jang Elam guguru ngaji?”
Udubillah, Mama, tacan kungsi.”
“Geuning eta geus bisa basa arab?”
“Meunang mulungan, Mama. Subhanallah
“Paingan atuh, ari meunang mulungan mah.”
Alhamdulillah, Mama. Pikir bae geura ku Mama. Ceuk jenat bapak kuring, hidep teh kudu bisa ngageunahkeun hate deungeun, mun nyarita jeung ahli agama kudu make yargon kaagamaan anu lekoh. Kitu tah Mama.”
“Naon Yargon teh, Elam?”
Insya Allah Mama, kuring ge henteu timu.”
“Yeuh Jang, Basa Arab oge puguh hartina, henteu padu lekoh bae, tapi kudu merenah. Jeung maksud jenat bapak ujang oge, lamun ujang nyarita jeung ahli agama, nu dicaritakeun teh kudu perkara agama.”
Masya Allah, Mama, da kuring mah kana perkara agama teh, boro2 ngarti.”
“Diajar Jang”
“Jadi Basa Arab kuring teh salah, Mama? Alhamdulillah.”
“Lain salah jang, ngan teu bener.”
Insya Allah, Mama. Hampura wae atuh.”
“Seug dihampura, ngan ulah deui-deui, ngerakeun.”
“Moal Mama, Wassalam.”
“Tah, geuning geus pok deui?”
“Bungsuna, Mama,” bari leguk-leguk nginum cikopi nepi ka kosong.

Seperti diposting oleh nana sudaryana pada Rabu 10 des 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=1604

Saenggeus si Gayus balik ti Singaparna, tuluy beak bersih dicarekan ku Abah Nono …

Abah Nono : naha sia Gayus mawa-mawa ngaran Aink….
Gayus : punten Abah da Uwink mah teu mawa-mawa ngaran Abah…
Abah Nono : geuning itu di Tipi WAN nyebut ngaran Aink
Gayus : haaarrr aari Abah da nu disebut Uwink mah … No .. No .. No .. No coment

Seperti diposting oleh yayan suryana imajaya pada Kamis 01 April 2010
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=2406

Comro

No comments

Mangkana kuring kadang-kadang sok aral, sok ambek ka anak sorangan nu hirupna “manja” ogoan, loba ulin jeung senang-senang. Teu nyaho bapana waktu keur sakola di SPMA, hirup ngumbara, lieuk euweuh, ragap taya, suwung dulur, walurat sobat. Boro2 HP atawa motor, baju ngan ukur boga sabaraha setel, tas jeung sapatu ngan samata wayang, komo jam tangan mah teu boga-boga acan.

Duit kiriman ti kolot ngan pas-pasan, saukur jang bayaran sakola jeung jang biaya asrama. Ari jajanna, ulinna, itu ieuna? Kukituna harita kuring kaluar ti asrama, ngontrak, sugan bisa ngirit, bisa ngatur duit kiriman ti kolot.

Harita, ngontrak teh jeung babaturan nu ngaranna Si Irwan jeung Si Edi. Dahar teh teri deui, teri deui. Goreng teri garing dikeleran. Disimpen di kolong ranjang. Mun rek dahar kakara dikaluarkeun, mun anggeus nya ditutup deui disimpen deui di kolong ranjang. Disebutna oge boga akuarium cenah.

Tapi sakola di SPMA mah loba rejekina. Mun panen jagong nya mawa jagong, mun panen suuk nya mawa suuk, mun panen sampeu nya meunang sampeu. Lumayan keur nambah kadaharan jeung ngagantian jajan.

Harita teh keur panen sampeu. Kuring meunang sakarung, si Irwan meunang sakarung, kitu oge si Edi mawa sakarung. Atuh aya tilu karung eta sampeu teh. Saenggeus dibabagi ka tatangga, sampeu masih keneh dua karung. Isuk sore dahar kulub sampeu, nepi ka hitut sampeu.

Ngan kitu, sampeu mah teu kuat disimpen lila. Kakara dua poe oge, sampeu geus bulukan, harideung.
“Ed, itu sampeu kumaha geus rek baruruk kitu,” ceuk kuring teh dina hiji waktu.
“Enya, kumaha nya, nyaah bisi kapiceun,” ceuk si Edi teh.

Kuring jeung manehna sapikiran, eta sampeu teh nyaah lamun sampe kapiceun. Rek dibagikeun deui da era, sampeuna geus rek buruk. Rek dikulub deui, da kulub sampeu nu kamari oge can beak.
“Urang dijieun comro wae atuh, No,” ceuk si Irwan teh. “Urang jual, engke beubeunanganana urang beulikeun kompor anyar.”

Tah, alus oge eta ideu si Irwan teh. Kuring jeung si Edi satuju.

Poe saptu, sanggeus balik sakola, kuring tiluan siap-siap ngagawean proyek comro. Sampeu teh dipesekan, terus dikumbah. Geus kitu diparud make parudan meunang nginjeum ti nu boga imah. Marudna gantian… Teu sangka, marud sampeu teh lumayan capena jeung cangkeul leungeun.

Ti sore nepi ka kira2 ba’da isya marud teh kakarak beres, meunang dua ember pinuh.
Sanggeus beres marud, kuring tiluan istirahat, bari jeung ngobrolkeun kumaha carana nyieun comro jeung rencana ngajual hasilna tea. Gampang cenah, ceuk si Irwan, eusina oncom, bumbuna manehna geus apal, da cenah indungna pernah dagang comro. Pokona mah masalah ieu diserahkeun ka si Irwan.

Kuring udunan duit, keur meuli oncom jeung bumbuna. Keun wae minyak gorengna mah, ceuk si Irwan teh, rek nganjuk wae heula ti warung pa haji. Da manehna mah geus biasa, sok nganjuk ka warung.

Kacaritakeun, ba’da subuh si Irwan geus hudang, terus balanja meuli oncom jeung bumbuna, sakalian jeung minyak goreng.
Sangeus ditumbuk jeung bumbuna, oncom teh ditumis, sawajan pinuh. Kuring tiluan sibuk nyetakan comro make daun cau. Hiji-hiji comro atah teh digoreng, terus nu asak disusun dina nyiru. Sanggeus pinuh sanyiru dieurihkeun kana piring gede,. Terus ku Si Irwan di bawa ka warung Ceu Ii, nitip icalan cenah. Alus euy boga batur teh teu eraan.

Sawatara kitu, kuring nuluykeun ngagorengan comro, nepi ka meunang sanyiru deui. Gues kitu dipiringan deui terus dibawa deui ka warung ku Si Irwan.

“Kumaha Wan, geus aya nu meuli..?“ ceuk kuring ka manehna sabalikna ti warung.
“Acan….” cenah.

Nya geus atuh eureun heula ngagorenganana. Padahal masih loba keneh comro atah nu can digoreng teh. Malah sampeu meunang marud tea, masih saember deui can dicetakan.

Ti mimiti anyar ngagoreng, kuring tiluan euweuh nu hayang ngadahar eta comro teh. Nempona oge geus seubeuh.

Sanggeus rada beurang, kira2 jam 8 Si Irwan ngilik dagangan, cenah, geus payu satengah piring. Alhamdulillah… Bari manehna mawa goreng cau jeung gula pasir saparapat. Nyokot heula cenah, engke digantian ku ladang comro.

Jam 10 Si Irwan ngalongok deui, cenah can aya nu meuli deui. Masih sapiring satengah keneh. Nya enggeus atuh Wan, ulah dilongokan wae, keun we… anggur mah urang ngado’a sangkan dagangan urang laku.

Kuring tiluan harita teu ka mamana, cicing di imah nyeuseuh pakean jeung beberes kamer. Keur ngariung kitu torojol teh Ceu Ii tukang warung tea datang nyampeurkeun, bari mawa dua piring comro.
.
Na geuning pinuh keneh, kunaon? Dibalikkeun deui kituh? Ceuk gerentes hate teh….

“Jang Irwan, ieu comro tacan payu, malah nu meser tadi oge mulangkeun deui,” kitu ceuk Ceu Ii teh. “Saurna aseum jeung pait cenah…”

Masyaallah…. Bari nampanan piring teh ceuk kuring,
“Hapunten atuh Ceu Ii,” ngan saukur kitu nu bisa diucapkeun baribari jeung beungeut beureum… bakating ku era.

Kuring tiluanana silih pelong. Kunaon atuh samemeh dibawa ka warung teh, lain diasaan heula….
Nya geus lah, piceun we eta comro ka balong, jang parab lauk.
Itu oge itu sampeu meunang marud, piceun we ka kandang hayam, da memang geus kaambeu aseum.
Lain untung, malah buntung. Cape gawe teu kapake. Dagang comro henteu payu. Tungtungna ngalamot curuk, nu aya mikiran hutang ka pa haji jeung ka Ceu Ii.

Seperti diposting oleh nono pada Jumat 15 Feb 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=116

Urang mun inget ka ieu real story masih keneh ambek ka si kakang si eroy, si jaini, si ented elel, si catur jeung saha deui boa nepi ka ayeuna.

Coba maneh bayangkeun kusorangan weh, tadina mah heureuy di tangga asrama atas bari ngelegan nu lewat, tuluy si kakang mawa rante pager klek weh rantena di gembok ka leher urang, pas arek di buka deui, “Wah pe koncina di cekel ku si didit ceunah.”

Ma enya leher urang di rante ku rante pager asrama atas nu galabag kitu, terus di gembok tur di arak keliling pancasan bari jeung disorakan, ti jam hiji nepi ka jam 5, alasana si kakang, konci gembokna di cekel ku si didit.

Jeung bodona urang, urang daek wae diajak kaditu kadieu neangan si didit ka asrama bawah ceunah, euweuh di asbar terus lewat gang leutik di pancasan ka kos-kosan na si susi kriting tea bari terus diarak kos maling hayam ditonton ku masyarakat pancasan, tidinya diarak ka asrama sabah balik deui ka asbar bari eta rante di cekelan ku si kakang di tatarik kos narik embe ngambek.

Leher urang mani nyeriiiii.
Anu nyeri deui hate urang >>> era ditonton masyarakat, jeung sieun kapanggih si euis nu jadi pamajikan urang ayeuna.
Pan era pisan mun kapanggih pas leher urang keur dirante….

Seperti diposting oleh peang pada Selasa 29 Jan 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=59

(ka hiji)

Keur kelas hiji, kuring cicing di asrama teh sakamer jeung si Samsul Ma’rif jeung si Asep Agusta Saefudin.
Harita … ari batur-batur mah marangkat praktek, Si Syamsul keur bulak-balik we ka WC, mencret cenah ti subuh mula.

Teu kacaritakeun deui, sanggeus beres praktek, kuring jeung batur2 baralik ka asrama. Pas asup ka kamer, kaambeu bau mani nyesek, terus kasampak Si Syamsul keur ngajoprak di juru dina ubin bari jeung bobolokot ku (maaf) kotoran jeung utah. Awakna geus ngalunghay, nyalande kana lomari teu bisa diuk2 acan. Teu salah Si Samsul … katarajang muntaber.

Kuring reuwas bari jeung buru-buru hayang nulungan. Ngan kuring kaburu tisoledat, leueur ku ci utah, gubrag we bujur titeundeut. Kuring teu jadi nulungan, da teu kuat ku bauna. Untung we teu lila si Asep datang. Kuring gegeroan menta tulung. Tungtungna mah batur2 nu sejen pada nyalampeurkeun nulungan nu si Samsul.
Kabayang.. nya… harita manehna utah miceun euweuh nu nulungan. Beu…. karunya teuing maneh teh Samsul……..
Si Samsul dipayang ku batur-batur nu sejen kaluar kamer, terus diberesihan.

Manehna nu geus teu walakaya teh terus dibawa ka Rumah Sakit PMI make mobil angkot koneng. Tinggal kuring jeung si Asep, beberesih kamer, ngepel make Rinso. Tadina mah hayang milu ka PMI, ngan batur nu sejen geus pada mantuan. Katambah harita teh kuring keur boke pisan, teu boga duit sapeser-peser acan. Sieun teu bisa balik

Isukanana torojol bapana si Samsul datang rek ngalongok cenah. Eta mah kabeneran, da kamarina ribut kumaha ngabejaan kolotna. Sanggeus dibejaan anakna dirawat, biur we bapana gura giru mangkat deui ka PMI dianteur ku si Asep.

“Cik atuh pa, Eta babawaana mah ulah dibawa kabeh ka RS,” ceuk hate teh… “Tinggalkeun saeutik mah eta kadaharan.. jang kuring.. batur sakamarna…” Tapi nya kuring ngamaklum, meureun manehna keur geumpeur nyampakkeun anakna keur dirawat.

Pihak sakola akhirna nyahoeun yen di asrama teh aya nu muntaber. Atuh kamer urang di pel deui ku petugas tukang kabersihan ti sakola, disemprot deui make antiseptik.
Sapoe dua poe eta antiseptik teh teu leungit leungit bauna. Pakaian kabeh tungtungna mah barau.

Samsulllll…. ulah nyiksa kieu atuh…

http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=88

(ka dua)

Saenggusna cageur tina muntaber, Si Samsul langsung dibawa balik ku bapana ka Pelabuhan Ratu.

Sababaraha poe manehna teu asup sakola, mun teu salah mah aya kana dua mingguna. Batur2 awewe harita inisiatif… urang ngalongok cenah ka imahna. Asana si Ineu nu pangcerewetna ngajakan ngalongok teh. Maklum ieu awewe saurang teh gede pisan perhatianana ka babaturan

“Hayu atuh, bisi kumaha onam.”
“Iya dong.. takut dia ga ada umur……..”
Kitu pada ngaromongna teh.

Enya da kabehan oge boga pikiran goreng ka si Samsul teh, bisi geringna katutuluyan. Malahan.. sieun bok bisi euweuh umur..
Nya harita teh lobby-lobby ka sakolaan ngarah bisa nginjeum mobil. Alhasil mobil meunang… Toyota Pickup bak terbuka, tapi make terpal.

Poe mingguna, jadi ngalongok ka Palabuhan teh. Babawaan sagala kadaharan, bungbuahan jeung kueh roti keur nu gering. Teu inget sabaraha urang jeung saha-sahana, ngan perasaan mah pinuh mobil teh.
Sajajalan pada nyaritakeun jeung mangarunyakeun ka Si Samsul. Da ampir-ampir teu katulungan. Ceuk dokter oge harita, cenah sa jam deui mun teu dibawa ka rumah sakit, geus enggeusan tah budak teh.

Singkat carita, rombongan teh nepi ka Palabuhan. Sanggues nepi ka alamat nu dituju, terus mapay imahna, nananyakeun imahna si Samsul. Ngan lebeng euweuh nu kenaleun jeung nyahoeun ka nu ngaranna Samsul Ma’arif teh. RT/RW mah jelas pisan di dinya, da alamat eta teh meunang nyatet ti sakolaan.

Geus teu kaitung sabaraha kuriling, ngulibek tatanya ka unggal jelema sa RT. Loba nu ditanya malah malik nanya “Bapana saha…?” Puguh oge urang kabeh euweuh nu nyaho.

Tah kebeneran kuring inget, ari bapana si Samsul teh mun teu salah mah guru. Nyoba nanya sakali deui ka urang dinya bari dijelaskeun yen bapana si Samsul teh guru.

“Oooo Pa Guru… ” cenah, “Tah… ari Pak Guru mah diditu bumina. Tapi putrana namina Ujang.”
“Nya.. cobi atuh mang, … pangjajapkeun abdi ka ditu.. sugan we,” ceuk kuring teh.

Terus bring we.. kuring jeung batur2 teh nuturkeun jelema nu nganteur.

Geus nepi ka imah nu dituju, manehna teh gegeroan: “Pa Guru, ieu aya nu milarian si Ujang, ti Bogor.”
Enya we.. torojol teh kaluar bapana Si Samsul tea. Da kuring mah apal pisan ka manehna.
“Haram jadah ….” ceuk pikir teh. “Samsul… maneh teh atuh ngomong mun di lembur disebutna Si Ujang kituh…”. Tapi teu kedal, “Reup deui inget ngabayangkeun si Samsul nu keur ngajoprak gering..”

Kuring sasalaman jeung bapana, terus nanyakeun kumaha kabarna Si Ujang.
“Ooh.. Si Ujang alhamdulillah tos cageur,” kitu cenah ceuk bapana teh, bari terus nyalukan pamajikanana. “Emih… cing calukan si Ujang, ieu aya baturna kitu ti Bogor.”
Ngadenge kitu teh, kuring teuing bungah, teuing kuciwa. bungahna manehna geus cageur, kuciwana, hate asa dibobodo.

Teu lila kurunyung si Ujang datang bari bobolokot ku kesang. Bari cungar cengir Si Ujang teh pek we ngomong, “Abis main bola euy…. ” kitu cenah.
“Nya syukur atuh.. Jang, ari geus cageur mah…”
Ngan, itu babawaan apel, anggur, biskuit, jeung roti rek dibawa deui. Aing ge tara-tara daang kadaangan nu ngeunah cara kitu.

http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=89

Seperti diposting oleh nono pada Selasa 05 Feb 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link tersebut

Nu ngarana Pa Juhana geus kasohor guru praktek nu panggalakna. Lain galak resep neunggeul atawa nyarekan, tapi ku “serem” na. Eta tah mun geus ngambek, mata mencrong, kumisna nu kandel uget-ugetan jiga meong rek newak mangsana. Mun geus kitu, euweuh nu wani neuteup, kabeh tungkul bari jeung salah polah.

Ari Pa Juhana teh guru praktek Tanaman Produksi. Paktekna dimulai jam 6 teng isuk-isuk di Gudang Tengah.
Lamun telat datang, moal ampun deui pasti dicoret tina absen bari terus dititah balik. Teu jarang awewe mah, nepi ka ceurikna dikitukeun teh.

Ti kawit kelas 2 kuring teu di asrama deui, tapi ngontrak di Kampung Muara Cikaret jeung babaturan nu ngaranna si Edi Suryadi jeung si Irwan Budiman. Jang dahar teh nyangu sorangan, euweuh nu ngurusan cara di asrama atawa imah sorangan.

Caritana kieu:
Harita teh aya jadwal praktek Pa Juhana. Ti subuh keneh geus nyangu, tapi sigana kompor teh beakeun minyak, jadi sangu teh teu kongsi asak. Kusabab sieun kabeurangan, sangu gigih oge langsung we di dahar.
Geus beres sarapan gidig we kuring leumpang moro Gudang Tengah tempat praktek tea.

Na kunaon, satengah perjalanan ngadadak beuteung murilit hayang miceun. Sigana sangu atah nu nyieun masalah teh. Kabeneran jalan ka Gudang Tengah teh ngaliwatan wahangan, jadi nyimpang we ka cai, miceun heula. Burusut-burusut limbah teh keluar, mani asa plong. Terus gura giru mangkat deui satengah lumpat.

Barang nepi ka lokasi, katempo batur-batur geus ngajejer baris nengteng pacul. Pa Juhana geus nangtung hareupeun barisan keur nerangkeun.
Wah … cilaka ..aing telat.. aing cilaka… Cilaka aing… aing cilaka… . Kitu ceuk pikir.. bari jeung napas ngos-ngosan tapak lumpat.

Sanggeus deukeut kana barisan, kuring salah tingkah. Sup we kuring asup kana barisan.

Pa Juhana nu keur nerangkeun teh, ujug-ujug jep we jempe, terus melong ka diri kuring, bari pok ngomong. “Ke sini kamu…. Tidak sopan, sudah datang terlambat, masuk tidak permisi.”
Kuring nyampeurkeun, bari tungkul: “Maaf pa saya terlambat, saya sakit perut”.

Menehna teu langsung ngajawab. Tapi teu lila pok we nyarita: “Silakan…. kamu pulang saja….dari pada berak di sini….”

Jeleger eta omongan teh kadengena jiga halilintar. Ngomongna bari jeung teu asa-asa, teu nempo deui ka kuring. Teu bisa babasan deui yen aing teh tas modol heula, nyeri beuteung.
Leng we sirah asa muter, awak leuleus…. beungeut beureum saking ku era… saking ku ambek.

Geus kitu mah…. nya kapaksa kuring teh balik deui ka imah kontrakan bari sosoloyongan jiga jelema mabok.
Nepi ka imah terus langsung meuli minyak tanah, sakalian meuli bala-bala dua siki jang deungeun sanguna.

Seperti diposting oleh nono pada Kamis 24 Jan 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=43

Hiji poe, Jajang pulang kampung ti kota terus dongeng ka Kabayan.
“Kabayan, kahirupan di kota mah sagala aya. Aya kareta, aya soto kota, radio, tipi wah pokona ngeunah,” ceuk Jajang.
Kabayan rada kapincut ku anu ngaranna soto kota jeung kareta.
“Ari soto kota jeung kareta teh kumaha Jang cirina,” ceuk Kabayan.
“Ari soto kota mah cirina aya na di tempat nu rame, dikurilingan ku tukang beca,” ceuk Jajang. “Sedengkeun ari kareta mah biasana lamun rek lewat sok disada tut…..tut……., lamun arek naek urang nungguan di simpangan jalan, terus bisa mancel,” lanjut Jajang. Kabayan akhirna boga niat rek ka kota, lamun menang panen gede.

Panen gede, kabayan berangkat ka kota. Tepi ka kota beuteungna geus lapar, langsung neangan tukang soto kota. Pas di tempat nu loba tukang beca aya tukang dagang nu keur diriung ku tukang beca, terus didatangan ku Kabayan. “Mang samangkok mang keur kuring,” penta Kabayan ka tukang dagang eta.
“Teu make mangkok kang di dieu mah,” cek tukang dagang.
“Pokona samangkok,” keukeuh Kabayan.
“Euweuh mangkokna”, ceuk tukang dagang teh.
“Nginjeum-nginjeum ka nu lain,” keukeuh keneh Kabayan teh.
Akhirna disajikeun ku tukang dagang ka Kabayan. Terus Kabayan muka sangu timbelna nu dibawa ti kampung, langsung diasupkeun sabagian kana mangkok eta terus didahar. Geuning rasana amis, sihoreng soto kota teh rasana amis, memang beda jeung soto di desa mah, pikir Kabayan bari ngadahar soto tepi ka peren bakating ku lapar.
“Geuning soto kota teh amis nya mang,” ceuk Kabayan ka tukang dagang.
“Ceuk saha soto kota, ieu mah bajigur” ceuk tukang dagang, sihoreng dagang bajigur. “Pantes teu make mangkok teh” gurutu Kabayan.
Kabayan neruskeun perjalanan di kota, di hiji simpangan, kabayan ngadenge aya suara anu dicirikeun ku Jajang. “Ieu yeuh anu disebut kareta, ditungguan wae, rek dipancel,” pikir Kabayan. Barang sumber suara eta ngalewat, langsung Kabayan luncat, mancel. “Gubrag…….” aya nu ngabareok bari aya nu nyebut, “Aduh…..”.
Sihoreng anu di pancel ku Kabayan teh tukang kueh putu.

Kabayan arek pulang kampung, meuli heula radio di toko. Beres meuli radio tur mayar, pelayan toko teh ngucap “Tengkyu….”.
Kabayan bengong, terus balik naik beca ka terminal, di perjalanan Kabayan nanya ka tukang beca “Ari tengkyu teh naon hartina?”
Tukang beca malik nanya deui, “Saha eta teh nu nyarios kitu Pa?”
“Emang kunaon kitu?” Kabayan tambah bingung.
“Aduh eta teh ngahina Pa, terang teu hartos na, hartosna teh gelo,” ceuk tukang beca. “Balik deui ka toko tadi, urang balanja dibejakeun gelo,” perintah Kabayan. Tepi ka toko Kabayan langsung ngagorowok, “Hei pelayan toko, kalian semua tararengkyu yah……..” Di luar sabenerna tukang beca teh teu ngarti hartina tengkyu, nanyakeun naon hartina tengkyu ka babaturanna. Terus Kabayan naek beca anu tadi ditumpakan. Di jalan tukang beca ngomong deui “Aduh pa, punten tadi teh abdi lepat, sihoreng tengkyu teh bahasa Inggris hartosna hatur nuhun….”

Seperti diposting oleh suhendar pada Minggu 14 Des 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=1623

OPAT taun ka tukang. Harita kuring masih kénéh digawé di Carnival Cruising Lines, nyaéta pausahaan kapal pesiar anu jalurna téh ti Miami, Florida, tepi ka Kapuloan Bahama. Boga pancén téh jadi waiter dina dék kapal.
Hiji mangsa kapal kuring katatamuan ku grup band ti New Jersey, New York. Saha deui mun lain Bon Jovi. Batur sapagawéan mani hariweusweus ngomongkeun Jon Bon Jovi saparakanca. Sok komo barudak awéwé mah teu sirikna histeris. Kuring mah haré-haré baé. Rék Bon Jovi rék Metallica, mangsa bodo! Kuring mah teu pati resep kana musik brang-bréng-brong siga rock music téh. Resep gé kana musik slow panineungan anu biduanna Matt Monroe, Engelbert Humperdink, jeung Simon ‘n Garfunkel.
Hiji poé wanci haneut moyan. Para tamu réa nu ngadon moé awak dina dék kapal. Pon kitu deui Mr. Jon Bon Jovi, Mr. Richie Sambora, Mr. David Brian, Mr. Tico Torres, jeung Mr. Alec John Such. Kabeneran kuring ngaliwat ka palebah maranéhna.
“Hi, waiter, come here, please!” Mr. Bon Jovi ngagentraan.
Manéhna ménta orange juice, gancang baé ku kuring ditedunan. Waktu kuring mikeun pesenan Mr. Bon Jovi, Mr. Sambora pesen lemon tea, kuring rikat mangmawakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Sambora, Mr. Torres hayang diet coke jeung kuéh pancake, teu talangké kuring nyadiakeun. Waktu mikeun pesenan Mr. Torres, Mr. John Such ménta susu jeung roti sandwich. Kuring mimiti keuheul. Waktu mikeun pesenan Mr. John Such, kuring kukulutus maké Basa Sunda, “Ieu mah jelema, aya ku ngagawékeun. Cik atuh ari pesen dahareun téh disakalikeun!”
Naha atuh ari pok téh Jon Bon Jovi ngomong, “Éta mah risiko pagawéan manéh atuh, Céng!”
Gebeg kuring reuwas. Baruk Jon Bon Jovi bisaeun ngomong Basa Sunda?
“Har, geuning Sadérék téh tiasa nyarios Basa Sunda?” kuring nanya tamba éra.
“Apan karuhun déwék téh ti Cisurupan,” témbalna kalem.
Leng kuring ngahuleng. Asa ngimpi. Naha enya kitu Jon Bon Jovi téh bibit buitna ti Cisurupan Garut? Panasaran kuring nanya deui, “Is that right, Sir?”
“Silaing cangcaya?Ayeuna déwék rék nanya, ari silaing urang mana?”
“Abdi ogé sami ti Garut.”
“Garut palebah mana?”
“Singajaya.”

“Nyaho Kampung Mariuk di wewengkon Singajaya?”
“Tangtos atuh da abdi téh urang dinya.”
“Wawuh ka Mang Sadeli tukang nyadap?”
“Kenal pisan.”
“Bisi teu nyaho, anjeunna téh baraya déwék, geureuhana téh rayina Ajengan Syukron ti Cisurupan, ari déwék ka Ajengan pernahna kapiemang.”
Kuring ngan bati olohok. Teu sangka, Jon Bon Jovi biduan hardrock nu kasohor saalam dunya téh geuning masih kénéh teureuh Garut.
Ti harita kuring jadi mindeng ngawangkong jeung manéhna. Anu matak kuring jadi apal silsilah kulawargana. Bapana téh jenenganana Haji Suja’i patani tomat anu beunghar ti Cisurupan. Ari indungna téh Mrs. Mary Joe Martin, pituin urang New Jersey. Aranjeunna tepang di Kota Madinah, dina mangsa munggah haji.
Haji Suja’i henteu mulih deui ka Indonésia tapi ngiring sareng ingkang geureuha ka Amérika. Di New Jersey, padamelan Haji Suja’i tetep baé ngebon tomat. Mrs. Suja’i banget suhud ngawulaan carogé. Tepi ka waktu kakandungan ku si cikal, Mrs. Suja’i méh baé sabrol-broleun di kebon tomat, duméh tas nganteuran timbel keur Mang Haji. Éta nu jadi matak si cikal lalaki téh ku bapana dingaranan Ujang Obon Suja’i.
Tapi ku lantaran lingkungan gaul urang bulé, babaturan ulinna téh hararésé ngucapkeun ngaranna. Nya tuluyna mah dilandi baé jadi Jon Bon Jovi.
Sanggeus ngangkleung salila sapuluh poé, kapal balik deui ka Palabuan Miami. Jon Bon Jovi saparakanca jrut tarurun tina kapal rék nuluykeun lalampahanana ka New Mexico. Béjana rék shooting vidéoklip “Blaze of Glory”.
Barang rék jrut turun, Jon ngaharéwos, “Iday, lamun silaing rék mulang ka Garut, béjaan déwék, nya. Rék ku télépon, faksimil atawa e-mail, kumaha silaing baé. Déwék hayang milu. Haté téh geus kumejot hayang moro bagong jeung Mang Sadeli ka Cikuray.”
Kuring ngaheueuhkeun.

TILU bulan ti harita, kuring meunang cuti taunan. Maksud téh rék nyelang balik ka Garut. Ku lantaran kitu kuring nélépon ti Miami ka New Jersey ngabéjaan Ujang Obon. Ngan ampun rudetna. Kuring dipingpong ka ditu ka dieu. Ti imahna dititah nélépon ka Fans Club. Ari pék téh ti FC kudu asup heula waiting list. Lamun henteu kudu ngomong langsung ka promotion manager, kakara nungguan akréditasi. Jeung deui anu nampa télépon téh budak lalaki nu ngomongna semu selébor siga biduan rap music maké basa Inggris lentong Brooklyn, New York. “Hi, man… stay cool okay…easy buddy, easy..,” pokna. Moal salah, pasti urang négro barayana M.C. Hammer.
Bakat ku pusing, ceuleuweung baé kuring dina telepon, “Hi, stupid American… listen to me! You just tell to your boss, this phone call is from Iday. I came from Singajaya… What?… No! Singajaya is located in Indonesia, not Africa… Do you understand?”
Naha atuh témbalna ti béh ditu, “Har… geuning Kang Iday,” ayeuna mah sora budak awéwé mani halimpu jeung maké basa Sunda.
Kuring curinghak banget ku atoh, “Dupi ieu sareng saha?”
“Abdi téh adi kelas akang waktos sakola di Madrasah Aliyah Musaddadiyah Garut.”
“Saha nya?”
“Atikah.”
“Nyimas Atikah putrana Haji Tamim ti Bungbulang?”

“Sumuhun.”
“Naha Nyimas aya di New Jersey?”
“Di dieu téh abdi digawé di Bon Jovi Management, diajak ku Mang Haji Suja’i.”
“Oh, kitu… kieu baé Nyimas, wartoskeun ka Jon Bon Jovi, urang miang ka Garut téa. Ngarah teu réncéd, akang rék hiber langsung ka Honolulu, diantos baé di Hotél Sheraton Waikiki, Hawaii.”
“Mangga, Insya Alloh ku abdi badé didugikeun.”
Plong haté téh ngemplong. Teu sakara-kara geuning ari ngomong jeung baraya salembur mah.
Opat poé ti harita, pasosoré, Boeing 747 Northwest Airlines anu mawa kuring jeung Ujang Obon alias Jon Bon Jovi geus eunteup di Bandara Soekarno-Hatta.
Sanggeus nyokot babawaan ti pabéan, Ujang Obon ngomong, “Iday, urang ngéndong di Bandung baé, déwék mah teu betah saré di Batawi téh.”
“Heueuh, lah.”
“Ayeuna urang rék maké naon miang ka Bandung?”
“Nya tumpak beus ti Terminal Kampung Rambutan, atuh.”
“Ah embung déwék mah, … ari di dieu aya séwaan limousine?”
“Silaing mah olo-olo pisan! Apan di New York ogé tuman naék angkot!”
Jon Bon Jovi keukeuh hayang tumpak limousine alias sédan méwah sasis panjang téa. Sok nyeri cangkéng lamun tumpak sédan biasa mah, basana téh.
“Dasar milyunér, mani élodan pisan!” kuring kukulutus.
Kapaksa kuring mapay néléponan réntal mobil sa-Jakarta. Untung baé aya nu nyéwakeun sédan pangantén, Volvo 960 Limo-turbomatic, hiji-hijina mérek sédan limousine anu asup ka Indonésia.
Tabuh salapan peuting. Sakadang Volvo anu ditumpakan ku kuring duaan jeung Ujang Obon katilu supir geus tepi ka Bandung anu saterusna langsung check-in di Grand Hotel Preanger. Bakat ku capé jeung tunduh, rérés salat isa teu kungsi mandi heula, kuring dugsek saré mani tibra.
Kira-kira tabuh satengah dua peuting, panto kamar aya anu ngetrokan. Kuring ngoréjat, “Saha?”
“Déwék, Obon.”
Bari lulungu, kuring mukakeun panto, “Aya naon, Jang?”
Beungeut Jon kaciri mani sepa. Ku naon yeuh? gerentes haté.
“Teuing euy, déwék téh teu bisa saré…tamba kesel tuluy nyieun lagu. Rumpakana mah geus anggeus, tinggal nyieun judulna wungkul.”
“Geus atuh, ayeuna mah saré baé heula…mikiran pijuduleun lagu mah isuk deui baé,” témbal kuring bari merelek heuay.
“Anu matak teu bisa peureum-peureum acan. Kieu balukarna lamun béakeun barang téh. I have no stuff anymore,” ceuk Jon bari meubeutkeun manéh kana korsi.
Kuring kerung. Béakkeun barang? Dina basa American slank, kecap stuff hartina sarua jeung dope atawa drugs alias obat bius. Boa-boa Ujang Obon sok tripping? Ongkoh geus ilahar pikeun kaom American celebrities mah ngonsumsi narkotika sabangsaning héroin, kokain, atawa crack (kokain sintétis) téh.
“Barang naon? PTP? LSD? Ecstacy? Diazepam? Amphetamine? Rék meuli anu kitu di dieu mah hésé.”
“Lain atuh, ieu mah ududeun.”
“Mariyuana? Hashish? Ganja? Sarua héséna, Jang.”
“Silaing mah nyangka goréng baé ka déwék téh! Ieu mah udud roko biasa, deuleu!” témbal Ujang Obon bari nyeuneu.
“Oh…gampang atuh ari nu kitu mah. Meuli baé di kafé, sugan buka kénéh.”
“Anu matak euweuh.”
“Euweuh? Piraku euweuh Marlboro, Lucky Strike, Camel, Mild Seven, Chesterfield?”
“Lain éta roko kabeuki déwék mah.”
“Oh, roko kéréték? Dji Sam Soe, Gudang Garam Filter, atawa Bentoel?”
“Lain, lain éta.”
“Roko mérek naon atuh kabeuki silaing téh?” kuring mimiti keuheul.
Jon Bon Jovi melong ka kuring. Bari meureudeuy semu éra, manéhna ngomong lalaunan, “Roko Cap Gentong…”
Leng kuring ngahuleng, awahing ku reuwas awor jeung hayang seuri. Baruk Jon Bon Jovi nyandu udud roko Cap Gentong? Naha teu salah kitu? Tagog baé vokalis hardrock music nomer wahid, lamun indit-inditan kudu baé maké sédan limousine, ari heug kalandep kana ngudud roko Cap Gentong?!
Kungsi sotéh kuring meuli roko nu kitu mangsa kuring keur kaédanan lalajo ronggéng dombrét di basisir Blanakan, Subang.
Jon Bon Jovi sahinghingeun ceurik. Euh, aing mah! Lamun henteu digugu kahayangna kuriak matak gujrud sakuliah hotél. Ngérakeun pisan!
Sanajan horéam nataku, kuring maksakeun manéh, “Hayu atuh, urang néangan.”
Manéhna mani haripeut. “Ka mana néanganana, nya?”
“Urang mapay baé, ka Pasarbaru, ka Bojongloa, ka Tegallega, ka Cicadas, lamun kapaksa-kapaksa teuing mah urang meuli baé roko klembak menyan di tukang rampé,” témbal kuring ngaheureuyan manéhna. Jon nyéréngéh.
Jon jeung kuring kaluar ti hotél tumpak taksi. Palebah Cicadas, taksi dieureunkeun. Jrut turun, tuluy leumpang mapay émpér toko bari miharep susuganan aya jongko anu ngajual roko kameumeutna Jon Bon Jovi.
Kabeneran leumpang téh ngaliwatan riungan tukang béca anu keur maén gapléh dina trotoar jalan. Ari heug téh kadéngé aya anu ngomong, “Najis, aing mah…balak kosong!”
Ger riungan téh sareuri éak-éakan.
Ngadéngé kitu, Jon ngarandeg bari tuluy ngahuleng.
“Ku naon, Jang?” kuring nanya rada hariwang.
Manéhna teu némbal. Rada lila manéhna ngahuleng. Naha atuh ari gorowok téh, “Eureka! that’s right! Éta pisan pijuduleun lagu téh!”
Jon katempo jigrah pisan.
“Iday, hayu urang balik ka hotél!”
“Apan urang néangan roko téa?” banget kuring teu ngarti.
“Teu kudu, urang meuli roko saaya-aya baé di hotél!” témbal manéhna sumanget naker.
“Har… ari silaing?!” kuring ukur werat ngageremet.

AYEUNA kuring geus teu digawé dina kapal deui. Miami, Kingston, Nassau, Puerto Rico, Bahamas, Antigua ngan kari waasna. Ti saprak kuring kawin meunangkeun parawan urang Cikajang, kuring eureun ngalalana. Pagawéan kuring ayeuna mah ngabantuan bapa mitoha kana ngebon engkol jeung wortel.

Sabulan ka tukang, grup band Bon Jovi ngayakeun konser musik “Crossroad to The East” di Jakarta. Ujang Obon ngahaja ngirim télégram ka Cikajang. Sono hayang panggih, basana téh.
Éra-éra ogé kuring nedunan ondanganana. Harita kuring indit ka Batawi téh sakalian iang wortel ka Pasar Induk Kramatjati. Sabalikna ti pasar, kuring nyimpang ka Hotél Hilton International. Barang sup ka lobby hotél, aya nu ngagentraan. “Kang Iday!” cék sora awéwé.
Ari dilieuk, kuring olohok mata simeuteun. Atikah imut. Aduh, ieung… urut kabogoh téh mani jadi démplon kieu, gerentes haté. Hanjakal baheula kalah ditinggalkeun…hé…hé… Diteuteup ti luhur ka handap, katara awakna tambah ngeusi jeung tambah geulis, ngan dangdosan mah tetep baé nganggo busana muslimah, leungeun katuhu ngeupeul Nokia, leungeun kénca ngajinjing IBM Notebook.
“Hey, teu kénging melong sapertos kitu. Engké ku abdi diwartoskeun ka Ceu Empat di Cikajang geura,” manéhna ngagonjak. Kuring ngélémés éra ngadéngé Atikah nyebut ngaran pamajikan.
“Kang, Ujang Obon tos ngantosan ti tatadi, hayu!”
Kuring nuturkeun manéhna naék lift. Reg lift eureun di tingkat pangluhurna, president suite.
Barang amprok jeung Jon Bon Jovi, manéhna ukur maké kaos kutung jeung disasarung.
Manéhna teu sirikna ngagabrug. Saterusna kuring jeung manéhna galécok ngawangkong.
Sanggeus rinéh, “Iday, silaing inget kénéh waktu nganteur déwék néangan roko ka Cicadas téa?”
“Tangtu baé atuh. Naha kumaha kitu?”
“Apan omongan tukang béca anu keur maén gapléh téa jadi judul lagu kokojo keur albeum déwék anu panganyarna,” témbalna semu agul bari ngasongkeun CD anu weuteuh kénéh.
Barang maca judul lagu kokojo anu dicitak dina bungkus CD, cakakak kuring seuri ngeunah pisan. Atuda kuring ogé milu ngadéngé, atra pisan tukang béca téh ngomong, “Najis, aing mah!… balak kosong!” Naha atuh ari dina judul lagu bet jadi robah kieu? Teuing Jon Bon Jovi anu ceuli léntaheun atawa pédah nulisna maké basa Inggris lentong New Jersey. Nu sidik, dina éta CD téh ngajeblag tulisan anu unina, “Best cut: This ain’t a Love Song.

Seperti diposting oleh deden nurdin pada Rabu 02 Juli 2008
Tanggapan dan komentar selengkapnya dapat dilihat pada link berikut:
http://forum.spmabogor.net/viewtopic.php?t=783